Aki Jeung Nini Nu Satia, Sapapit-Samamanis[1]
Ditulis ku: Ipah Jahrotunasipah[2]
Tos teu bireuk deui, Aki Oci – kitu katelahna, boga pamjikan
ngaranna Ikem. Ari ngaran lengkapna mah, Oci, teh Sarkosi, sedengkeun ngaran
lengkep na Ikem mah Sarikem. Maranehna hirup paduduaan dina hiji imah di sisi
cai. Imahna, saparo tina bilik, saparona tina bata. Lain pedah teu boga duit
jang ngabangun ku bata kabeh, da dua nana oge boga pakasaban jiga nu lian. Sok
sanajan ukur ka sawah jeung ka kebon, ladang buburuh atawana paparo. Tapi nya
kitu, teu kaop nunda duit padu bae, atawa teu kaop balangah, duit beubeunangan
teh sok ujug-ujug les wae leungit. Cenah mah, sok dicokotan atawa dimenta ku
incuna anu sok ujug-ujug torojol wae datang.
Umur kaduana teu beda jauh. Aki Oci geus boga umur 67 tahun, sedengkeun
Ma Ikem 65 tahun. Kawin na Ma Ikem ka Aki Oci dina mangsa 40 tahun katukang teh
lain gadis jeung jajaka. Tapi keur Ma Ikem mah geus anu katilu kalina. Da cenah
tiap tos pepegatan teh tara lila sok langsung aya duei nu ngalamar. Rek kawin
ka Aki Oci oge nu ngalamar teh geus loba nu ngantri, tapi manehna keukeuh milih
Aki Oci da cenah mah karunya. Sabab, lamun manehna teu milih Oci, awewe sejen
mah can tangtu daek. Sabab, kaayaan waruga Aki Oci harita, leungeuna geus
daksa, urut murag tina aisan indungna keur leutik. Eta leungeun geus teu bisa
dibebener deui. Teu bisa dilelempeng. Lila-lila, kana leumpangna oge jadi teu
sampurna, rada inced-incedan.
“Urang teh loba nu rek ngalamar ka didieu teh, tapi urang karunya
ka bapakna si Nining teh, bisik euweuh nu mikahayang da waruga kaayaan sakitu,”
cek Ikem dina hiji mangsa cacarita ka tatanggana nu pang deukeutna.Rada tarik
ngomongna, da kitu kabisaanana.
Salila rumah tangga, maranehna dikersakeun ku Nu Kawaasa boga dua
anak awewe kabeh. Duanana geus baroga salaki, geus misah, geus nempatan imah
sewang-sewang. Ngieun imahna oge nya teu leupas tina bantuan kolotna.
Tapina, tambah kadieu teh dirasakeun tambah ripuh. Lain oge, boga
anak geus rarumah tangga teh, tambah senang. Kalah ka sabalikna. Incu na anu
loba, nyaeta dua belas, unggal poe na hayang bae dibere jajan ku nu jadi aki na
atawa nini na. Incu anu panggegeda oge teu weleh menta duit, keur meuli pulsa.
Malah aya salah sahiji incuna anu sakola na teu jeujeuh, kapangaruhan ku
babaturan ulin, gawena ulin jeung ulin wae. Ti kelas genep SD geus kabawakeun
sok ngarokok. Ari dibejakeun ku tatangga na ka indungna, kalah ka pok na teh da
teu ngaku ditanya teh. “henteu, si Nanang mah da henteu ngarokok, ditanya “oge
maneh ngarokok Nanang?” “henteu,” kitu
cenah”. cek indungna ngagambarkeun manehana kungsi nga-introgasi anakna..
Pernah hiji mangsa, Aki Oci jeung Ma Ikem hayang ngabongkar dapur.
Hayang dirapihkeun da sok loba beurit badag ngaliwat. Mun peuting sok jiga
ingon-ingon anu ngahaja diparaban, lalar liwat taya kasieun kanu boga imah.
Hawu na oge hayang dipindahkeun, anu tadina lebah kaler, hayang dipindahkeun ka
lebah kidul. “tuman beuritna, sugan wae ari robahmah, manehna ka ganggu jalan
paliliwatana teh,” cek ma Ikem ka salakina. Na kakara oge sapuluh kecrokan,
pacul anu dikecrokkeun teh ninggang kana kaleng, da disadana teh rada beda.
“crak”, bari awak Aki Oci ngabarigbeg, rada ngagaleong, nahan pacul nu rek
mecleng. Aki Oci langsung kaget bari mata mah molotot kanu naon anu tadi kagucrek,
taya deui iwal ti kaleng biskuit kongghuan anu mangsa katukang ku manehna
ngahaja dikubur. Kaleng sisimpenan duit, ngahaja dikubur, da sieun dicokotan ku
incuna. Kulila-lilana nyimpen, sampekeun kapoho manehna boga sisimpenan.
“Ikem-ikem...! kadieu...!”. Cek Aki Oci ngagorowok. Ma Ikem nu
digeroan kalah ka cicing wae anteng beberes piring meunang ngumbahan. “Ikem...!
Ikem...!” sakali deui Aki Oci ngagorowok. Ma Ikem lain oge nembalan, kalahka
noroweco sorangan ngomongkeun anakna nu geus tilu poe teu aya nyampeurkeun.
“tak!” ujug-ujug kadenge sora nga-beletak. Atuh karuan bae, Ma Ikem
nu keur noroweco teh ngarandeg, kaget. Polotot, mata Ma Ikem langsung kanu
ngebedega hareupun panto dapur. Katempo kumanehna salakina keur gegeroan
hawar-hawar nyebut ngarana. “Naon Bapakna, oge ngageroan kuring?” Ma Ikem kalah
ka malik nanya, bari jung nangtung rikat da sieun salakina ambek.
“Enya! Digeroan titadi teh. Geuwat ieuh. Tah, tempo ku maneh, naon
eta teh?” Aki Oci bari ngomongna masih tarik bae.
“heuheuy deuh, geuning, eta sisimpenan urang geus lawas...” Ma Ikem
nembalan bari rada joged, tanganna diputer-puterkeun satengah ngibing. “Ya
Alloooh..ieu kaleng meni bopeng, katajong ku pacul sugan?” Ikem ngomong semo nu
heran nempo kaleng nu geus karatan bari jeung penyok.
“Sok atuh geuwat dibuka, beh puguh eusina masih weuteuh tah
henteu.” Aki Oci panasaran. Ma Ikem rada lila ngabuka kaleng, semu nu heseeun, malahan mah make dicongkel
sagala ku peso.
Barang kaleng bisa dibuka, duanana caolohok nempo ka eusi kaleng. Olohok
taya papadana sabab eta eusi kaleng anu tadina pinuh ku duit ratusan jeung
puluhan rebu teh jadi bubuk. “Gusti nu Agung, Abdi neda nyuhunkeun pangampura
.. rehna abdi tos sisimpenan artos anu kacida lamina. Abdi teu terang manawi
teh moal kieu balukarna. Duh gusti... hanjakal teuing... lamun ieu duit ku
urang geuwat-geuwat dipake mah moal kieu kajadianana, bapakna......!” Cek Ma
Ikem rada nalangsa hatena, miskil sedih, jeung teu bisa walakaya, sabab duit nu
bubuk moal bisa dibebener jadi duit nu bisa dibaca sabaraha-sabarahan na.
Ma ikem ngabangingik gogoleran di buruan. Ari Aki Oci teu majah
kumaha, cicing wae, ngararasakeun sirahna anu senut-senutan. Gek, Aki Oci
buru-buru diuk kanu korsi, bising ngagudubrak bakat ku lieur.
Carita duit bubuk teh sakeudeung oge jadi ibur salelembur, ear
sajajagad. Malah aya anu teu percaya oge. “moal enya jelma sakitu, boga duit di
tabungan, kuat ka poho,” kecap salah saurang tatanggana semu heran.
Tibarang harita, Aki Oci jeung Ma Ikem jarang natangga, ngarasa era
saparo. Sabab kadengena ku maranehanan, tatangga teh ngomongkeun yen maranehna
kurang mikanyaah kanu jadi incu-incuana. Nya kitu deui, anak-anakan jeung
incu-incuan na oge sarua. Jadi arang ngalongok kolotna.
”Geuslah, bari na oge, didengekeun teuing omongan tatangga teh, da
angger urang keneh nu ngajalankeun kahirupan mah. Tatangga mah moal nyahoeun
duit urang sok dipaokkan bae kunu jadi incu teh.” Aki Oci ngabela diri, neger-negerkeun maneh.
“Enya atuh, karuan bae. Urang mah kaayaan sakieu, rek kumaha deui,” tembal Ma
Ikem bari titilep.
“Geus anggeus, ngieun hawu na?”
“Kari nungguan garing”
“Isukan mah urang mulai tandur deui di sawah nu Bapak Haji Hadi.
Isuk-isuk kudu geus nyangu, jadi hawu na kudu geus bisa dipake.” Ma Ikem ngomong
deui negeskeun yen hawu na kudu geus bisa dipake.
“Garing engke peuting oge. Asal ulah hujan wae, bisik kapiribisan
ti luhur.” Aki Oci ngomong kitu teh bari asa diingetan. Manehna terus
tenga-tengo ka luhur nempoan bisik aya kenteng nu bocor.
Kahirupan Ma Ikem jeung Aki Oci rada cenghar deui saentos na aya
program ti pamarentah. Saenggeusna aya nu ngadata, maranehna meunangkeun kartu
KKS, nyaeta Kartu Keluarga Sejahtera. Tiap
3 bulan meunangkeun bantuan beas, endog, jeung sajabana. Atuh tambah
bungah wae da hatena tenang teu hariwang teuing teu manggih dahar.
Ari peuting gawena ulin, natangga, ka saha wae anu pantona muka.
Unggal-unggal balik ti Mushola, tara langsung balik ka imahna. Tapi ngadon
ngopi jeung ngarokok bari ngobrol ngaler ngidul, utama na mah di tatangga na nu
pangdeukeutna ka imahna. Resep saurna ari aya Aki Oci natangga teh. Malah mah
sok ngahaja diondang sina mampir ka imahna. Cai leueuteunna geus disiapkeun.
“Oci, hoyong susu, kopi,
atanapi teh manis ngaleueutna?” Seringna tatanggana nawaran cai.
“Ari aya susu. kopi nya kajeun,” tembalna.
Geus kitu, derekdek bae Aki Oci langsung cacarita naon-naon nu jadi
pertanyaan tatanggana. Bari seuseurian, Aki Oci ngadongeng naon-naon nu geus
kaalaman ku manehna baheula. Pernah leumpang jauh ngabaturan Pak Kyai di
kampungna, pernah ngabaturan babaturanana sare di kuburan, pernah kagoda ku
awewe sejen, pernah ngalaman hirup sangsara di Jakarta, pernah nyeri mata
sampekeun ka salah sahiji bola matana kences. Sampe ayeuna, matana ngan bisa
nempo sabeulah.
Nincak umur kana 80, ayeuna Aki Oci jeung Ma Ikem geus sarua
budegna, kurang pangdenge. Unggal poe kadengena jiga nu dor-dar pasea, padahal
mah keur ngobrol. “pah, itu Ma Ikem aya naon jeung Aki Oci, jig tingali kaditu
bisik pasea,” cek tatanggana ka salakina. “Ah, lain, eta mah keur
patembal-tembal wae”.
“ooh, bisik bae”
Hiji waktu mah Mang Rosad, nu jadi tatangga na ukey-ukeyan
seuseurian teu bisa dieureunkeun. “aya naon papah, seuri meni sampe rambisak
kitu? Seuri atanapi ceurik eta teh?”, kecap Ceu Saroh ka salakina.
“puguh oge, iyeu papah teu kuat mirengkeuna. Kadieu geura. Sok ku
mamah pirengkeun, eta Aki Oci jeung Ma
Ikem keur ngobrol naon, geura?” Mang Rosad geuwat ngomong ka rubiahna bari angger
seuseurian.
Teu lila, Ceu Saroh sarua jeung salakina, miluan seuseurian bari
leungeuna nyekel beuteung. “gustiii nu agung, kuat ka kitu nyak.. Aki Oci
ngomong naon, Ma Ikem nembalana ku omongan naon, sejen deui. Tapi ari
sora-sorana mah saling tembal kitu,” teges Ceu Saroh ka salakina ngajentrekeun.
Ari
Mang Rosad, saentosna nguping cacariosan Ceu Saroh kitu, manehna ujug-ujug
“jep” jempe. Seuseuriana ujug-ujug eureun jiga nu di-erem. Atuh Ceu Saroh na
oge jadi miluan eureun, ngahormatan salakina. Kadenge ku Ceu Saroh, Mang Rosad
malah ngingsrek, ceurik lalaunan jiga nu kagagas. Cai matana kaluar reumbay.
“geuning
ceurik, papah teh? Aya naon, pah”. Ceu Saroh nanya bari olohok.
“Sumuhun, Mah. Papah mah salut ka Aki Oci
jeung Ma Ikem teh. Manehna geus tokroh-tokroh, cepil tos kirang dangu, panon
tos kirang tetenjoan, tapi masih hoyong saling ngahormatan, saling mere
kabagjaan, sawios ukur ku obrolan anu duka kapireng duka henteu”. Mang Rosad
ngajentrekeun eusi pipikiran jeung hatena ka Ceu Saroh.
“Nya
mudah-mudahan urang oge tiasa sapertos kitu nya, Pah?”
“Tiasa
kitu kumaha, Mah? Alim ah, papah mah. Papah mah alim kurang pangdenge, kurang
tetenjoan. Hoyong sehat terus.” Mang Rosad mulai ngaheureuyan rubiahna.
“Urang
tiasa satia saterasna, papaaah..” Ceu Saroh ngajawab deui bari nyiwit.
T a m a t
Posting Komentar untuk "Carpon : "Aki Jeung Nini Nu Satia, Sapapit-Samamanis""
Sehat selalu dan terimakasih!